Tarekah Ngamumulé  Kaulinan Barudak nu Ampir Pareum, Nararya Nyarita Indonesia  Ngayakeun Gelar Wicara “Kaulinan Barudak Manglayang”

BERITA JABAR NEWS (BJN) – Kabupaten Sumedang, Jawa Barat, Sabtu (18/07/2026)  –  Mangsa kiwari tradisi kaulinan barudak di ungal wewengkon méh ampir pareum sabab musababna geus kalindih ku pakakas digital modérn nyaéta hapé atawa gawai, hal ieu tangtu  kudu meunang perhatian anu leuwih daria ti masarakat.

Kaulinan barudak lamun seug ditilik leuwih jero ajén pilosofina pikeun gambaran hirup kumbuh di masarakat dibanding jeung pangaruh tina hapé anu loba ngamadorotkeunna, ku hal sakitu kaulinan barudak mangsa kiwari geus robah jadi kaulinan budak, kecap panganterna ogé anu biasana bring, breng jadi cling ngandung harti kaulinan kiwari bisa dipigawé ku sorangan gé geus katingali anteng tur ramé.

Dua panyatur nu bakal ngeusian gelar Wicara” Kaulinan Barudak Manglayang” poe Minggu, 19 Juli 2026 di ruang publik leuweung awi Padaringan kelurahan cisurupan kota Bandung – (Sumber: BJN)

Kaulinan barudak sabenerna lain ukur aya di Jawa Barat tapi sa éndonesa ge masing-masing boga tradisi kaulinan barudak ngan saukur béda ngaran wungkul sedeng dina prak-prakana mah kitu-kitu kénéh. Kaulinan barudak téh kacida loba pisan,  leuwih ti tilu puluh rupa jeung ngaran, prak-prakana aya anu dibarengan jeung kakawihan aya ogé anu maké pakakas basajan, conto kaulinan barudak anu dibarengan jeung kakawihan ambil-ambilan, endeuk-eundeukan, oray-orayan, aya ogé anu ngandung ketangkasan jeung stratégi saperti boy-boyan, galah , gatrik, sabintrong jeung nu séjéna.

Nilik kana masalah kiwari ngeunaan kaulinan barudak nu méh ampir leungit di ungal wewengkon Yayasan Nararya Nyarita Indonesia anu di pupuhuan ku Aam Siti Aminah baris ngayakeun tarékah ngaliwatan kagiatan  gunem catur ngeunaan “Kaulinan Barudak Manglayang” kalayan mawa téma Nilik tinu kapungkur, Ngawangun nu Kiwari “ dina poé Minggu, 19 Juli 2026 anu tempatna di Leuweung Awi Padaringan, RW 09, Kelurahan Cisurupan, Kacamatan Cibiru, Kota Bandung.

Kagiatan “Kaulinan Barudak Manglayang” ieu kalayan bakal ngahadirkeun panyatur ti akademisi jeung parktisi di antarana Dadan Sutisna ti yayasan Kabudayaan Rancagé, Samson, CMS, S.Sos., M.I.Kom., ti Universitas Padjadjaran (Dosen Prodi Perpustakaan dan Sains Informasi, Fikom Unpad) acara baris lumangsung ti tabuh satu nepi ka réngsé. Acara ieu kapidangkeun ngaliwatan program Kementrian dan kebudayaan Républik Indonesia, Dana Indonésiana, LPDP kalawan gawé bareng jeung kelurahan Cisurupan, Rumah Baca Jatmika.

Aam miharep kaulinan barudak téh tetep  dimumulé ku sabab kaulinan barudak téh mangrupa bagéan (komponén) tina sistem kahirupan anu aya patula-patalina jeung bagéan kahirupan liana, kaulinan dina hapé mémang sifatna individualistik téh lain goréng ngan sahanteuna loba anu teu loyog jeung bangsa urang.

Kaulinan  barudak téh teu ngandung harti kudu dihirupkeun sagemblengna saperti bubuyungan, prangpring jeung nu séjéna ari teu parok jeung kamajuan jaman mah, dina acara ieu dipiharep saeutik heunteuna nonoman entragan kiwari apal kana sajarah budaya sorangan, kitu nurutkeun Aam siti Aminah nalika mungkas obrolana.

***

Judul: Tarekah Ngamumulé  Kaulinan Barudak nu Ampir Pareum, Nararya Nyarita Indonesia  Ngayakeun Gelar Wicara “Kaulinan Barudak Manglayang”

Jurnalis: Rohman Gumilar

Editor: JHK