Napak Tilas Bujangga Manik Ngaliwatan Nararya Nyarita Indonesia

BERITA JABAR NEWS (BJN), Kota Bandung, Jawa Barat, Selasa (13/10/2026) – Napak Tilas Bujangga manik nyaeta Nyukcruk galur nu kapungkur mapay tapak lacak riwayat anu baheula, ngaguar sajarah lalampahan bujangga manik sangkan sajarah eta lain ngan saukur nyangkaruk dina ingetan disimpen di angen angen malah lamun seug dipikiran saliwat ku generasi Alfa mangsa kiwari mah asa pamohalan bisa lumampah anu meakeun waktu jeung nyorang tempat anu jarakna ratusan kilo malah meureun leuwih, apan ku ayeuna mah badarat naek gunung bari teu nangek pisan ge ku barudak ngora  balikna teh kadang mopo bari jeung babahanan kadaharan sagala aya beda jeung jaman harita.

Nilik kana sajarah anu dicutat tina naskah kuno sastra sunda ngeunaan lalampahan spiritual saurang pangeran ti karajaan sunda (pakuan Pajajaran) anu mibanda ngaran Prabu Jaya Pakuan atawa leuwih dipikawanoh salaku Bujangga Manik. Lalampahan anu kacatet diantara miang ti pakuan Pajajaran mun ayeuna mah kota Bogor, ngaliwatan puncak terus nyukcruk ka walungan ciliwung jeung citarum saterusna laju ngetan ngajugjug ka jawa tengah.

Siap balayar di situ Cileunca dituluykeun ka wahana rafting di walungan Palayangan – (Sumber: BJN)

Pikeun ngaguar deui sajarah eta Yayasan Nararya Nyarita Indonesia ngalarapkeun kagiatan piknik diadumaniskeun jeung naratas sajarah anu meh tilem ku waktu ngaliwatan kagiatan napak tilas Bujangga Manik. Lamun seug ditalungtik loba saksi alam anu pernah katincak, kaliwatan ku lalampahan Bujangga Manik ngaliwatan program napak tilas Bujangga Manik, sing saha wae anu boga karesep lalampahan bari nalungtik sajarah program ieu tangtu kacida payus pisan utamana pikeun generasi milenial

Rute lalampahan bisa dimimitian ti Situ Cileunca pangalengan bari lalayaran satuluyna bisa  mapay walungan Palayangan bari rafting, satuluyna lalampahan bisa dituluykeun nurutkeun toponimi anu pernah kararat ku Bujangga Manik diantarana Gunung Patuha,Gunung Tangkuban Parahu, Majapura, walungan citarum jeung loba keneh gunung-gunung nu aya di wewengkon kabupaten Bandung asup kana peta geografis lalampahan Bujangga Manik.

Nararya Nyarita Indonesia hiji  boga slogan “ Nyiar Luang tina daluang jeung papada urang” ieu komunitas anu anu nyoko kana genep literasi dasar dumasar kana rengrengana anu kasang tukangna para penggiat Literasi  kalayan di pupuhuan ku Aam Siti Aminah anu kungsi nyepeng pupuhu Pangurus Wilayah Forum TBM Jawa Barat, kagiatanana tangtu kacida euyeubna boh kagiatan edukasi atawa kasosialan. Saha wae nu boga karep wawanohan atawa panasaran program naon wae bisa anjang sono ka Sekretariat nararaya anu alamat lengkepna Jl. Cilengkrang 1 Komp. Tirtawening Jl. Tirtawening No. 99B (atau No. 63), RT.07/RW.03, Kelurahan Cisurupan, Kecamatan Cibiru, Kota Bandung, Jawa Barat 40614.

***

Judul: Napak Tilas Bujangga Manik Ngaliwatan Nararya Nyarita Indonesia

Kontributor: Rohman Gumilar

Editor: RG