Kakaren Lebaran
BERITA JABAR NEWS – Rubrik Artikel Bahasa Sunda – Artikel berbahasa Sunda berjudul “Kakaren Lebaran” ini dibuat oleh Rohman Gumilar, seorang jurnalis, penulis, konten kreator, dan pegiat literasi Jawa Barat.
Lebaran dua taun ayeuna memang beda jeung taun katukang kulantaran nagara urang harita keur kena ku wabah covid 19. Sagala rupa kagiatan jeung papada jalma estu diwatesanan pisan. Jadi rasa cape, rasa kesel salila dijalan hayang tepung jeung kulawarga teh rada kaupahan.
Kitu deui dina mulangna, geus teu nolih kana kacape kulantaran geus kaubaran ku ngumpul ngariungna jeung kulawarga. Sahanteuna ari nu di gawe jauh mah tepung jeung dulur teh ukur sataun sakali, matak sok aya basa “bengkung ngariung bongkok ngaronyok” ngandung harti “silih dongkang silih asaan kadaharan jeung kulawarega atawa tatangga”.

Kitu deui anu aya dilembur anu teu ngarasakeun capena mamacetan di jalan anger wae sarua capena kulantaran dua minggu kalebaran oge nu dilembur sok pak pik pek nyieunan kadaharan, komo lamun kadaharan anu kudu dipoe heula mah nyieuna ge sok tianggalna keneh kayaning opak, ranginang, dodol, kolontong, peuyeum ulen.
Lamun seug ditataan mah leuwih ti sapuluh rupa kadaharan tradisional ciri khas lebaran di padesaan mah, komo lamun kulawargana boga keneh nini anu biasana sok pangrajina sagala dijieuna, tah eta anu matak jadi kalanggenan dina poenan lebaran teh sono ku kadaharan buatan nini atawa nu jadi indung.
Lebaran mangsa kiwari mah nu jadi kadaharan poko kalayan wajib aya dina poenan lebaran teh nyaeta kupat jeung opor hayam, ditambah sok aya tumis kentang, bihun atawa orek tempe. Malah kabaheulanakeun mah sok narumpeng sagala dipurakna balik solat sunat Idul Fitri.
Jadi, lamun seug anjang sono ka tatangga tara teuing loba nu di dahar kawas kokoro manggih mulud, cukup weh sasalaman bari nu disuguhkeun cukup diasaan tamba nolak kahadean tatangga, sabab di imah oge geus pada boga bari loba nu ampir sarua kadaharana.

Geus nincak saminggu ti poenan lebaran, kadaharan sesa teh disebut weh “kakaren”. Boh sesa didahar ku kulawarga atawa sesa mahanan dulur, anak anu ngahaja nganjang atawa mudik jigana tidinya carita kakaren teh nurutkeun ceuk Kamus Basa Sunda R. Satjadibrata mah kecap “kakarén” robahna tina “kecap kakarian” hartina “kari sesa”. Istilah kakaren lain ukur dina waktu lebaran wungkul, tapi biasa mun aya nu tas hajatan sok ditanyakeun kakarena.
Pikeun kalahiran 70, 75-an mah tangtu bakal karasa robahna ti taun ka taun teh sok aya wae tradisi anu ilang ku kamajuan jaman, saperti baheula rek mapag bulan puasa sok aya tanggara ku sora nu nabeuh bedug ti masjid, bedil lodong anu ku karbit kiwari geus barang langka digantina ku merecon, kembang api.
Mungkin ku barudak mangsa kiwari mah poenan lebaran teh dianggap biasa wae, nu istimewana mah pikeun barudak nyaeta sok nampa duit keur jajan ti dulur-dulur atawa nu kiwari disebut angpaw. Matak dina poenan lebaran teh sakuna pada merekis ku duit pamere-mere. (Rohman Gumilar).
***
Judul: Kakaren Lebaran
Penulis: Rohman Gumilar
Editor: JHK
Sekilas Info
Rubrik Artikel Bahasa Sunda merupakan wadah bagi penulis Jawa Barat yang ingin berkontribusi memberikan tulisan ringan seputar budaya Sunda dengan menggunakan bahasa Sunda. Bagi Anda yang suka menulis artikel pendek versi Bahasa Sunda bisa mengirimkan naskahnya ke email: alvarotriputramedia@gmail.com. Panjang tulisan antara 350-750 kata. Sementara ini kami belum menyediakan honor bagi kontributor. Naskah yang masuk akan diperiksa kelayakannya dan jika layak akan kami muat di media online BERITA JABAR NEWS (BJN).
***