Carpon “Kalakay Garing”

BERITA JABAR NEWS (BJN), Kolom OPINI/Bahasa Sunda, Kamis (12/02/2026) – Cerita pendek berjudul “Kalakay Garing” ini merupakan karya “Sony Vespa” yang ditulis dengan bahasa Sunda. Selain menjalankan bisnis dalam bidang handycraft, pria bernama lengkap Sony Sanjaya ini juga merupakan pegiat seni dan budaya di Kota Cimahi.

“Kondisi masyarakat urang ayeuna lir ibarat kalakay garing,” Madsari muka obrolan.

“Kalakay garing kumaha Mang?” Hasan nembalan bari nyarande ka tiang pos ronda.

“Heeuh , kalakay garing mah pan loba pabalatak, tapi hese di beungkeut atawa di hijikeun, sakalina aya seuneu gampang pisan kaduruk,” Madsari ngajawab bari pepeta.

Kuring nu nyempod di juru bari nambulan bubuy sampeu ngadedengekeun nu ngobrol.

Lumayan obrolan peuting di pos bari ngaronda bisa ngabebenjokeun panon tunduh, seuneu ngabebela tina durukan keur ngusir hawa tiis.

Keur kitu gerung gerung sora motor mapay jalan jajahan, teu lila pecenghul motor ngaliwat .

“Saha eta,” ceuk Hasan, nu nangtung sisi jalan, bari leungeunan gugupay ka nu mawa motor.

Reg motor eureun, Sarjum nu mawa motor ngeureuceum serapeun pas beungeutna di sorot senter.

Di tukang na Nyi Emeh pamajikan na.

 “Ti mana Jum,” Hasan nanya bari nyampeurkeun, tuluy ngareret ka nyi Emeh nu kaciri panon na semu beeus bari sepa.

“Kunaon nyi,” ceunah na deui ka nyi Emeh.

Nyi Emeh ngajawab laun bari teu jelas.

“Buka helm na atuh,” ceuk Hasan ka nyi Emeh.

Nyi Emeh nurut, helm di buka. Barang breh katembong pipi na geuneuk bari bareuh paingan ngomongna ngosom teu jelas, bari semu ceurik.

“Di naon keun pamajikan sia  Sarjum,” Madsari nyentak.

Di lembur eta mah Sarjum katelah rada baragajul, matak nempo kaayaan nyi Emeh kitu kabeh Ronda langsung nyangka pamajikan na di rogahala ku Sarjum.

“Teu di nana,” teu kebat ngomong ujug beletak senter kana sirah Sarjum  untung di helm.

Tuluy bug beg Ronda neunggeulan Sarjum, nyi Emeh ceurik gegerewekan.

Lembur guyur, warga harudang Sarjum di kepung.

“Heup-heup tong diteunggeulan kang Sarjum,” nyi Emeh ngajerit.

“Tuman jalma kieu mah,” Madsari ngajorowok bari nongtak kerah baju Sarjum.

“Kang Sarjum teu salah,” jorowok Nyi Emeh tarik.

“Teu salah kumaha? Sidik eta pipi nyai nepi geuneuk kitu,” ceuk Hasan.

“Justru eta, Kang Sarjum tadi ngajemput ka bumi mamah terus jajap abdi ka klinik. Abdi nyeri waos tos dua dinten. Di klinik na  pinuh jadi we uihna kawengian, ” ceuk Nyi Emeh.

Warga pating gerendeng, terus bubar.

Kuring jeung ronda ngariung, ngajengjen bari melong Sarjum .

“Bener omongan didinya euy,” ceuk kuring ka Madsari. (Sony Vespa).

***

Judul: Kalakay Garing

Penulis: Sony Vespa

Editor: JHK